Wednesday, November 11, 2015

Lirik Lagu Darso - Mega Sutra Pantai Carita





Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas endahna rasa
Saksi asih dina munggaran carita
Waktu urang nepungkeun geuteurna cinta
Dina dada aya rasa
Dina rasa aya bagja
Ngagalura ibarat ombak sagara
Di sisi basisir
Laut pantai carita
Nya didinya urang teh wakca balaka

Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas katineung rasa
Saksi asih mekarna hareupan cinta
Poe isuk muga laksana paneja
Mega sutra….
Di langit pantai carita

No comments:

Post a Comment

Lirik Lagu Sunda | Inget Ka Mantan

 Isuk isuk hudang sare lulungu keneh Kuring indit ka dapur Mawa gelas ninyuh kopi Gek diuk dina korsi Ngamparkeun udud jeung kopi Pas kuring...