Monday, February 2, 2026

Lirik Lagu Sunda - Bulan Nyeungseurikeun | Darso

 Ku naon teu dijauhan?

Godaan kalah dikeukeupan

Ngadon maén api

Ngarajut cinta nu pamali


Maén rasa jeung maén haté

Salingkuh karasa éndah

Pikiran kapoékan

Haté jiga kaparabunan

Rasa cinta anjeun

Rasa sayang anjeun

Ngaléor, karebut cinta saliwat


Bulan nyeungseurikeun

Jiga nu mupuas kuring

Tingal panon cireumbay

Ngan nyurucud, teu katahan

Bulan, ulah ngaléos

Baturan kuring bagadang

Ngararasakeun kanyeri

Anu nyiksa ngahantem batin

Béré bongbolong, béré awahan

Kumaha ngubaran peurihna haté?


Maén rasa jeung maén haté

Salingkuh karasa éndah

Pikiran kapoékan

Haté jiga kaparabunan

Rasa cinta anjeun

Rasa sayang anjeun

Ngaléor, karebut cinta saliwat


Bulan nyeungseurikeun

Jiga nu mupuas kuring

Tingal panon cireumbay

Ngan nyurucud, teu katahan

Bulan, ulah ngaléos

Baturan kuring bagadang

Ngararasakeun kanyeri

Anu nyiksa ngahantem batin

Béré bongbolong, béré awahan

Kumaha ngubaran peurihna haté?


Bulan nyeungseurikeun

Jiga nu mupuas kuring

Tingal panon cireumbay

Ngan nyurucud, teu katahan

Bulan, ulah ngaléos

Baturan kuring bagadang

Ngararasakeun kanyeri

Anu nyiksa ngahantem batin

Béré bongbolong, béré awahan

Kumaha ngubaran peurihna haté?

No comments:

Post a Comment

Lirik Lagu Sunda | Inget Ka Mantan

 Isuk isuk hudang sare lulungu keneh Kuring indit ka dapur Mawa gelas ninyuh kopi Gek diuk dina korsi Ngamparkeun udud jeung kopi Pas kuring...